“tah cup kadenge teu eta?”
“heeh, jiga sora nu...”
“heeh, jiga sora nu...”
Teu lila, aya abringan nu keur mawa pasaran liwat harepeun
imah.
“innalillahi wa innalillahi roji’un..” ceuk kuring bareng
jeung si ucup.
“tuh heeh aya nu maot cup! Aya nu maot!”
“heeh buru urang indit, urang milu nguburkeun!

Bring! Kuring jeung si ucup milu indit ka ciseuti jeung eta
abringan, tempatna teu jauh ti imah kuring tadi. Pedah, rada nanjak hungkul ari
ka ciseuti mah. Pas nepi, langit teh teu ujug-ujug jadi angkeub, poek, jigana
mah rek hujan gede. Padahal ieu teh karek jam satengah hiji jeung deuih tadi
mah basa di imah keneh langit teh caang, sakitu panas poena, tapi naha ayeuna
teu ujug-ujug jadi poek?
Kuring buru-buru nyampeurkeun pak RT, kabeneran manehna ge
milu nguburkeun. Lain sieun nyampeurkeun pak RT teh, kuring rek nginjem terpal,
supaya ke mun hujan eta kuburna teu ka basehan, bisa ka iuhan ku eta terpal.
Geus menta idin, kuring langsung indit ka imah pak RT, mawa eta terpal. Geus
meunang, indit deui ka makam, tuluy buru-buru dipasangkeun.
Nyaan, teu lila saenggeus beres masangkeun eta terpal. Breg
teh hujan gede, bari jeung angin-anginan deuih. Untung we geus dipasangan
terpal, nu dipasang jiga tenda ngan nutup bagian luhurna hungkul, henteu jeung
gigirna da hese. Jadi teu kahujanan, ngan kasaweran hungkul, ngan sarua we
jeung nu kahujanan da ku angin tea katiup-tiup, baju weh baraseuh.
Beres weh ngurebkeun mayit teh, kuring jeung si ucup mantuan
beberes. Kuring mah mawa terpal nu tadi tea, da kuring nu nginjeum na. Si ucup
mah mawa pacul nu bapana, karunya meren bisi capeeun tas ngagali makam. Nya
warga nu lain ge sarua, marawaan deui pakakas urut ngurebkeun eta mayit.
Ngan pas meresan karanda, pan dipanggul. Tah angin teh
ngagedean, nepi bisa muragkeun tutup karanda nu keur dipanggul eta. Atuh eta samak
teh katiup angin, seseleberan jiga nu ngapung. Murag weh ka wahangan, nu keur
caah gede, palid weh. Da rek dibawa deui menya kudu ngorbankeun nyawa ngan jang
mawa samak eta, meuli deui ge murah atuh ari samak paragi mayit anu dijieun tina
anyaman daun pandan mah. Tapi, anu
jadi kasieun arurang nu di darinya teh, sieun mitos anu aya di kampung urang
teh kajadian. Ah baralik weh, da eta mah ngan mitos moal heg jadi kajadian
meren.
Kaisukannana, isuk-isuk kuring indit ka garduh, rek ngumpul
jeung barudak. Biasa da didinya teh sok dijieun basecamp (tempat kumpul) atawa markas lah mun ceuk urang tea mah,
pokona barudak teh sok raresep kumpul didarinya. Teu beurang teu peuting sok
rarame wae. Pas nepi, can aya sasaha, kaisukan meren kuring indit teh. Teuing
da teu paham boga baturan teh sarena jiga nu maot wae, hese hudang, jeung mun
hudang ge sok beurang wae.
Indit heula kuring teh kawarung, rek meuli kopi jeung udud. Beres meuli kuring
balik deui ka garduh, ngalamun weh sorangan, lepus udud, suruput cikopi.
“eh, Kang Agus bade kamana?” kuring ngageroan pa RT nu keur
liwat.
“eh jang Rahmat! Teu, ieu bade milarian ojeg, bade meser samak anyar, jang ngagantian samak kamari anu palid tea”.
“ohh, muhun atuh, tah eta si Maman sugan aya di bumina Kang, ari nuju milarian ojeg mah”.
“enya jang, nuhun. Mangga ah tipayun..”

Leos weh indit eta pak RT teh, bieu ngobrol jeung pak RT jadi
kapikiran ngeunaan soal mitos samak tea. Sieun aya kajadian nanaon, pasti
baheula ge pernah aya kajadian nu siga kieu, matak ayeuna aya mitos na oge,
meren.
“eh met tong bengong wae!” si ucup nepak urang.
“alah siah! Ngareureuwas maneh!”
“nya hampura atuh met, atuda maneh ngan ngalamun wae jiga nu keur galau. Putus lin jeung si Eha?”
“naha jadi kadinya, lain cup kuring teh kapikiran masalah nu kamari euy, masalah samak palid.”
“naha kunaon deuih atuh make dipikiran, teu pira samak mah bisa meuli deui.”
“lain ku kituna, masalah mitos na euy cup.”

Si ucup rada ngahuleng heula, teuing mikiran naon.
“mitos? Mitos naon ieu teh met?”
“sugan teh apal matak ngahuleng heula teh. Jadi kieu cenah cup, ceuk beja, baheula teh, aya kajadian anu sarua persis jiga kajadian samak palid kamari. Ngan teuing di kampung mana. Tah, geus kajadian eta, aya awewe nu mandi di eta walungan tuluy ngaleungit.”
“ah nu bener maneh met? Tong nyingsieunan atuh..”
“yehh.. cik dengekeun heula atuh. Teuing kunaon eta awewe teh ujug-ujug leungit, da cenah mah samemeh ngaleungit eta awewe teh gogorowokan “tulung! Tulung! Aya nu medol!” pas kitu aya pak tani, ningali eta awewe teh sukuna keur dilulun ku samak, langsung lumpat eta pak tani teh nyampeurkeun eta awewe, niat mah rek nulungan ngan teu kaburu. Kaburu kabawa ka tengah wahangan nu jero. Si pak tani eta pan sieun langsung brebet lumpat balik ka imah pak lurah nu didinya, jeung ngabejakeun yen aya awewe nu leungit di walungan. Langsung pak lurah teh, ngumpulkeun kabeh warga kecuali kolot eta awewe, rek neangan eta awewe, sugan we hirup keneh. Na da eta mah, geus tepi di walungan teh eweuh eta awewe teh!”
“eweuh kamana met?” bari ngadekeutan kuring diukna.
“heeh teuing nyaeta, teuing kamana, da mun heeh maot ge pasti awakna mah aya meren? Mun palid ge da teu mungkin jauh jeung keur teu caah deuih. Tapi teuing eta awewe teh teu ujug-ujug ngaleungit teuing kamana”.
“ah maneh mah rek nyingsieunan urang nya ?”
“astagfirullah.. lain cup, eta teh kajadian baheula, cenah. Jadi kuring teh kapikiran mitos eta”
“heeh tuluy kumaha eta saenggeus ngaleungit kitu?”
“nya saenggeus kajadian eta teh, tiap-tiap lalaki nu ngojay ka eta wahangan sore-sore, liwat ti jam opatan, sok aya nu medol oge jiga kajadian nu awew tadi, nya kadang salamet kadang milu palid. Komo lamun pas keur jum’atan mah, eta lalaki mun ngojay didinya, geus moal bisa salamet!. Tapi eta kajadian teh ngan bakal ka lalaki hungkul, soalna cenah eta awewe nu ngaleungit eta teh jadi ngahiji jeung eta samak, teuing ngahiji di dahar ku samak teuing kumaha. Tah ku sabab samak eta sok, ngalulun suku jeung medolan batur tepi ka tengah walungan, jadi disebutna lulun samak”.
“jadi sieun ngojay di wahangan deui urang mat euy”.
“nya teu kitu oge meren cup, ngojay mah bae ngan ati-ati mah perlu. Geus ah, urang rek balik heula nya, mantuan ngala suluh euy keur di imah.”
“kela kela.. eta carita teh bener?”
“nya teuing atuh, kumaha maneh we rek percaya atawa henteu oge. Hayu ah, assalamualaikum!”
“kela met, tungguan.. urang milu!”

Tidak ada komentar:
Posting Komentar